Perang Potrét
Kénging Holisoh ME
SN1373649716.jpg [Potrét/Ilustasi: ]
Mang Iding jeung baturna tiluan, keur husu masang-masang spanduk nu
dipakukeun kana tangkal mahoni sisi jalan. Éta spanduk potrét Ibu Hajah
Anis, tatangga kuring nu salakina juragan tanah. Sawahna satungtung
deuleu. Kebonna upluk-aplak, ceuk tukang rahul mah moal kakuriling dua
poé dua peuting. Atuh bu Hajah Anis gé pupuhu hiji partéy anu béréhan,
ahli tutulung. Cenah éta gé ceuk batur, da kuring mah tara pirajeunan
kalayang koloyong ka dinya, najan teu boga béas gé. Éra. Aya pangabutuh
mah kajeun ka si Koyah wé, sapantar jeung kuring pangabogana.
Pajenggut-jenggut jeung dugul. Tapi sugema.
“Tah kadé, Nyai, engké mun milih pamingpin téh, tah ieu Ibu Haji, sarua
salembur.” Ceuk Mang Iding bari sirahna dangdak-déngdék neges-neges
sepanduk nu geus napel dina tangkal mahoni, kawas nu kurang sugema.
Padahal geus merenah ceuk kuring mah. Pas. “Nya enya atuh. Asal bageur
wé ka urang lembur,” témbal téh.
“Ti ayeuna wé omongkeun, naon kahayang Nyai téh! Ké ku uing dibéjakeun.”
“Nyaan?” témpas téh daria.
“Nya heueuh, apan uing mah beurang peuting idek liher di Bu Haji,
ngatur ngatur sétratégi,“ témbalna daria. Baturna silih rérét. Séréngéh
sareuri. Tim suksésna meureun. Da loba ti lembur kuring gé nu jaradi
tim suksés téh, lain ka Bu Haji waé, tapi ka calon nu séjén gé
loba nu jaradi tim suksés. Cenah ceuk batur. Tapi percaya, da geuning
ayeuna geus mimiti calon-calon narémbongan téh, urang lembur kuring loba
anu absén tara ka sawah. Kaharti meureun mana kitu gé. Gedé buruhna.
Malah deuih ceuk béja mah tim suksés téh bakal diburuhan ku jabatan mun
nu didukungna meunang. Resep.
Nya dibaréré duit, nya bakal dijaradikeun pajabat. Boa engké mah mun Bu
Anis meunang téh, mang Iding moal buburuh ngabedug deui? Tapi lamun
éléh kumaha?
Teu kabayang haranjelueunana! Ngaruyung! nu dijagokeunana éléh. Komo
meureun Bu Anis mah, nya duit wowotan, tanaga wowotan, haté wowotan.
Karunya. Ah, naha maké kudu karunya, mana miluan pamilihan gé meureun
geus siap meunang siap éléh. Ari duit mah teu katempo, ngan lamun tanaga
sok katempo, bu Anis dialeut-aleut ku tim suksésna baralik peuting
atawa tengah peuting, teuing entas tingalider ka mana. Capé pastina gé.
Ngaluarkeun tanaga.
“Iraha Mang Iding pamilihanana téh?” tanya téh daria.
“Bulan isuk! Kade, Nyai milih téh kudu ka batur salembur!” teu éléh
daria mang Iding ngajawabna téh. Hayang suksés meureun jagoanana. Kuring
nyéréngéh seuri konéng. Bingung. Da najan salembur gé teu pati wawuh ka
Ibu Anis téh, béda kasta. Kuring mah jalma leutik, manéhna mah juragan
tanah. Sakalieun tepung di jalan pasampangan gé sok éra parada. Mun
manéhna ngarérét, kuring mah paling manggut. Da manéhna gé tara omhang
tara uah aéh tunyu tanya. Béda lamun kuring pasangrokna jeung si Koyah
jeung si Emeh, najan bobolokot ku leutak gé uplek heula wé ngobrol.
“Insya Alloh, Mang Iding.”
“Naha Insya Alloh?” tanya mang Iding bari kerung. Kuring seuri.
“Nya enya atuh Insya Alloh, Mang! Kumaha mun isuk uih paéh? Meureun
moal milu pamilihan. Piraku milih ti alam kubur mah!” témbal kuring
bari ngaléos.
Di warung bi Ecin geus loba jalma nu keur baralanja. Kuring nyelendep
ka hareup. Ukur rék meuli asin sepat jeung sambéleun. Teu pira.
“Mani seselendep ieu mah nu anyar datang!” ceuk Ceu Yoyoh bari nepak taktak.
“Ninggalkeun si Ujang meureun, bisi aya nu ngiwat!” témpas Bi Anah bari nyeukeukeuk seuri.
“Heueuh, heug ayeuna mah aya tukang ngiwat salaki batur. Tuh ning si
Hasanah keur aleuk-aleukan wé ceurik, da salakina kaperego di pangkalan
ojég keur otél jeung randa urang Girang,” ceuk Ceu Sopiah bari
jeba-jebi. Sieun pasti manéhna mah, da salakina kadal. Teu kaop nempo
bikang. Jeungna deui geus heubeul kuring ngadéngé aya randa di Girang
anyar pindah, meuli imah mang Saju, tapi rada tolohéor cenah. Ah, teu
sieun kuring mah, najan aya randa rancunit ge, pédé wé moal daékeun ka
salaki kuring nu bulukutupuk ukur purah guyang na leutak sawah batur.
“Uing mah teu sieun diiwat, Euceu! Kadar salaki tukang guyang na
leutak. Ari Ceu Hasanah mah da salakina gé gaya waé, momotoran, ngojég,”
témbal téh bari milihan sepat nu geus dipalastikan na ayakan. Rupa rupa
lauk asina téh, peda beureum gé aya. Ngan horéam dahar jeung beuleum
peda téh, ngeunah keur didaharna, da ari enggeusna mah sok rada lieur.
Mana dieureunan wé kana peda mah.
“Waspada mah kudu, Nyai!” Bi Ecin nu dagang mairan. Nu séjén sareuri bari ngarérét ka Bi Ecin.
“Lain Nyai, ari bieu basa kadieu di jalan tepung jeung si Iding ?” ceuk Ceu Yoyoh bari ngalieuk ka kuring.
“Tepung. Malah uing mah eureun heula da keur masang masang potrét Bu Anih! Lalajo heula.” Témbal téh datar.
“Heueuh, pan si Éta mah tim suksésna.” Ceuk Ceu Yoyoh daria.
“Geus mimiti ramé ayeuna téh. Geura tempo di jalan ka Girang,
potrét-potrét geus mimiti minuhan jalan. Sawaréh dipaku dina tangkal.
Sawaréh dipajang maké awi galedé, ditangohkeun, da potrétna gé
sagedé-gedé panto. Malah aya nu duaeun panto!” ceuk bi Anah nyaritana
mani ngoncrang. Aral cenah. Geus lima kali milu milih tapi hirupna
angger waé teu undak-undak.
Da éta cenah jarangji arék ngarobah kahirupan rahayat leutik tara bukti waé. Geus nyaréngclé mah jaradi, sok pararoho.
“Éta téh perang potrét! Komo geus deukeut mah, waaah teu sirikna panto
urang geura ditarapelan potrét.” Ceuk Koyah bari ngasupkeun balanjaan.
“Perang potrét jeung perang jangji!” Bi Ecin mairan bari nyodorkeun pamulangan ka si Koyah. Saréréa sareuri.
“Kudu pédé wé, piraku ti nu potrét sakitu lobana, taya hiji-hiji acan
nu bakal nedunan jangjina. Pasti aya lah, ngan teuing nu mana! Bingung.”
Ceuk Koyah, bari kerung kerung wé tarangna téh. Teuing naon nu aya na
uteukna. Kakuciwaan kitu pédah unggal pamingpin nu dipilih sok carulas,
tara aringet kana jangjina? Atawa neundeun harepan gedé ka nu rék
tarandang ayeuna?
“Tuh ampir poho, tadi mang Iding talatah ka uing.” Reg heula ngarandeg.
Rada asa-asa deuk nepikeun talatah ti Mang Iding téh, sieun salah,
sieun diseungseurikeun. Nu keur ngariung di warung malencrong kana
beungeut kuring. Panasaran meureun.
“Talatah naon si Iding téh Nyai!?” Ceu Sopiah nanyana daria.
“Enya cenah mun engké milih téh, kudu milih Ibu Anis batur salembur urang,” ceuk kuring datar.
“Heueuh da si Iding mah pasti nitah milih kadinya, apan tim suksésna.
Mun meunang jagoanana, pasti bakal dibéré jabatan. Ukur untung keur
dirina sorangan.” Ceuk ceu Sopiah.
“Ari dijawab ku Nyai kumaha?” Bi Ecin milu nanya.
“Enya Insya Alloh wé,bisi teu kaumuran.” jawab téh bari seuri. Rét ka Bi Ecin, duit sapuluh rébu disodorkeun.
“Tah Bi Ecin, balanjaan uing sabaraheun? Sepat sabungkus, sambeleun
sarébulimaratuseun, gula bodas saparapat jeung bako molé sabungkus.”
Ceuk kuring. Bi Ecin gegereyeman.
“Kurang sarébu lima ratus, Nyai!” ceuk Bi Ecin bari namprak. Sok duit
rébuan jeung kencring lima ratusan, dibikeun. Rék ngaléos,leungeun
dikenyang ku Bi Anah.
“Ke heula, jadi engké téh érék milih saha?” omongna bari seuri.
“Kateuing atuh!” témbal téh bari ngahuleng. Enya, rék milih saha atuh?
Tempoan heula waé kitu potrét-potrét nu ngajéngjréng saparat-parat jalan, pilih. Mana nu pas jeung haté, éta nu kudu dipilih.
“Lieur-lieur teuing Nyai! Saha nu méré duit, nu méré sembako, éta nu
dipilih! Teu kudu bingung!” ceuk Bi Ecin bari nyeuleukeuteuk seuri.
Ceu Sopiah ngadilak. “Montong kitu Nyai milih pamingpin mah! Montong
beunang disogok, da lain sapoéeun mingpina téh. Kudu maké haté milihna.
Da bongan urang mah teu arapal teu wawuh wawuh acan.” Kuring ngaléos,
horéam ngadarongéngkeun waé calon-calon pamingpin nu kadang-kadang tara
maliré ka nu leutik ari geus jadi mah. Ngiciprit wé balik téh, ari sugan
téh taya nu nuturkeun, Koyah jeung Ceu Yoyoh tukangeun.
“Sugan téh moal bareng!” ceuk kuring bari ngendoran léngkah.
“Da enggeus balanjana gé. Lin, nu bener Nyai, endeuk milih saha engké téh?” tanya Ceu Yoyoh daria.
“Urang nempoan gambar nu ngajajar wé lah! Nu narik ati, éta nu dipilih!” témbal téh bari nyikikik seuri.
“Heueuh mending kitu nya! Alus tah ideu ceu Sopiah téh.” Ceuk ceu Yoyoh
bari seuri. Tiluan pairing-iring laleumpang mapay-mapay jalan jajahan,
bari panon lalajo potrét-potrét nu rék tararung nyalonkeun pamingpin nu
ngajajar saparat parat jalan.
Carpon nu lainna aya di link di handap ieu:
http://mangle-online.com/pidangan/rubrik/carpon
Carpon nu lainna aya di link di handap ieu:
http://mangle-online.com/pidangan/rubrik/carpon
Tidak ada komentar:
Posting Komentar