Barakatak

Sisirangan


“Naha maké sendal téh kenca sabeulah Don?”
“Enya atuh kenca sabeulah, piraku kudu kenca duanana!”

Hendi Hendrawan
Parakan Muncang – Kab. Bandung

Hadiah
“Meunang hadiah Umroh jang bulan puasa, kapaksa ditolak we soalna barabe umroh bulan puasa di Mekah mah, kapan euweuh warung nu muka tibeurang!”

Hendi Hendrawan
Parakan Muncang – Kab. Bandung

Dijual
“Di jual mobil mewar murah Eropa, 10 Juta. Mulus, mesin ok, sudah dimodif, setir yang asalnya di kiri sudah pindah ke kanan, tapi rem dan kupling masih di kiri.”

Hendi Hendrawan
Parakan Muncang – Kab. Bandung

Nyaleg
“Cenah jelema miskin mah teu meunang nyaleg nya euy? Ku aya-aya waé éta! Kuduna mah nu boga niat rék korupsi teu meunang nyaleg! Ari ieu kalah rasis.”

Hendi Hendrawan
Parakan Muncang – Kab. Bandung

Hoream Ngebut
Si Ibro pembalap kampung. Hiji mangsa hayang nyoba milu balapan di kota. Der Balap. Si Ibro pangpandeurina.
Beres ngawawancara juara, wartawan nyampeurkeun si Ibro.
Wartawan : “Naha balap teh mani salse, aya masalah?”
Ibro: “Ah, henteu…. Masalahna mah kuring hoream ngebut, paur meunang!”
Wartawan :” Har…????”

Yayat Daulat
Jl. Gajah Mada, Gg. Cerme RT 01/02 No. 14
Kraton - Tegal


Supir Teladan
Elf jurusan Bandung Tasik nyemprung ngebut. Si Ibu penumpang noel ka kenek, “ Jang, cenah supir teladan, geuning mawa mobilna ngebut kieu…?” Ceuk si Ibu bari nunjuk kana sticker nu nempel dina kaca spion supir.
Kenek : “Muhun Bu, supirna supir teladan … telat makan edan. Ibu aos seratan nu di handapna” bari nunjuk kana sticker nu dimaksud si Ibu.
Penumpang : “Dasar geus kolot, teu kaciri tulisan nu dihandapna mah, laleutik teuing … Sarapan heula atuh, bisi nyilakakeun batur!”

Yayat Daulat
Jl. Gajah Mada, Gg. Cerme RT 01/02 No. 14
Kraton - Tegal


Moal Maju-maju
Bapa : “Tong bobogohan jeung si Ibro, pangedulan. Pagawean ngan ukur nguseup. Moal maju-maju tukang nguseup mah…!”
Anak : “Nya muhun atuh Bapa, tukang nguseup mah moal maju-maju…”
Bapa : “Nya ari geus nyaho mah syukur atuh …”
Anak : “Muhun da upami nu ngusep maju mah atuh tigubrus ka balong hehe…”
Bapa : “Beu. Dasar budak kurang ajar…!”

Yayat Daulat
Jl. Gajah Mada, Gg. Cerme RT 01/02 No. 14
Kraton - Tegal


Resep Lalajo Dangdut
Hakim : ”Kunaon Bapa teh bade pipirakan?”
Ibro :  ”Kumargi pun bojo sok sumping we kana acara dangdutan”
Hakim : ”Maksadna, istri Bapa sok sareng pameget?”
Ibro : “Sanes. Pun bojo sok ngaganggu kuring keur joged, terus ngajak mulang…”

Yayat Daulat
Jl. Gajah Mada, Gg. Cerme RT 01/02 No. 14
Kraton - Tegal



Smartpone
Di hiji TV aya iklan produk smartpone; “Pikeun jalmi-jalmi nu ngarasa bodo jeung tinggaleun, mangga geura peser hape smartpone, supados jadi pinter.”
Endul ukur gogodeg.

Meti Hernisa Adiwisastra
Kp. Babakan Kalong – Rancakalong
Sumedang

Tablet
“Mah, hayang tablet atuh eneng téh!”
“Ah, rieut saeutik mah tok sok ngadahar ubar Néng, tuh ku ubar tradisonal waé.”
“Naon Mah, da tablet ieu mah sanes ubar, tapi komputer modern.”
Indungna kerung tanda teu ngarti.

Meti Hernisa Adiwisastra
Kp. Babakan Kalong – Rancakalong
Sumedang

Blackbery
Si Juned anyaran meuli hape Blackbery, pagaweanana téh nananyakeun no pin ka nu dipanggihanana.
Hiji poé ngulampreng ka warung Bi Onoh tukang pulsa.
“Bi?”
“Naon? Henteu! Bibi mah teu boga BB, jadi ulah nanyakeun pun-pan pin-pin!”
“Lain Bi, rék nganjuk pulsa saminggueun.”

Meti Hernisa Adiwisastra
Kp. Babakan Kalong – Rancakalong
Sumedang

Barakatak nu lainna aya di link handap ieu
http://mangle-online.com/pidangan/rubrik/barakatak

3 komentar: