Carmis


Mangle

Kasangsaraan hirup anu panjang, kanyeri kapeurih anu lir taya tungtungna, lieuk euweuh ragap teu aya, budak remen ceurik nahan lapar, pamajikan mindeng rambisak, nganaha–naha, bet hirup pinanggih lara sangsara. Nyeri, hate rajet asa disasaak, jiwa mangprung kumalayang mapay–mapay panglamunan anu can puguh dimana eunteupna, bingung,  liwung.
Rek menta tulung menta tulung kasaha, da puguh cukleuk leuweung cukleuk lamping, aya oge dulur di kota lain pentaeun jalma masakat, sabab dulur–dulur  jareneng jadi menak, beurat beunghar lubak–libuk loba harta. Kahirupan urang kota ieuh loba anu araraneh, imah ublug ablag lega, kamarna pabalatak, tapi lamun kadatangan semah urang kampung, imahna ngadadak ngariut ngaheureutan,  beda jeung urang kampung, imahna heureut leutik, tapi lamun kadatangan tamu, eta imah anu tadina heureut bet ngadak–ngadak ngalegaan.
Ku terus ngungkung kabingung jeung loba barobeda pikir, antukna jiwa teh bobor karahayuan, kaludeung ka teuneung dina nyanghareupan hirup ilang musnah tina pangarasa, antukna jadi kaeunteupan gindi pikir, lat poho katemah wadi lali ka purwa daksi.
Buleud patekadan seja neangan dunya barana pikeun ngarobah hirup,  geus gilig ati  rek tapa ka gunung sugan panggih jeung anu bisa mere harta banda anu loba, rek siluman ke, rek bangsa jin teu paduli, asal bisa mere harta banda anu loba rek di sorang bae, kitu patekadan harita, kawas anu enya.
Nitih wanci nu mustari nincak kana mangsa nu utama, rebun–rebun keneh  geus nyulusup ngasruk diantara rungkun–rungkun nu tingrunggunuk baseuh ciibun, srog anjog ka pileuweungan nu paroek caneom, areuy–areuyan rambay tina dahan kiara anu nya jangkung nya badag ngarampidak, sora turaes nyengsreng matak keueung matak maruringkak bulu punduk, beh handap cai walungan herang ngagenclang, lauk beunteur ting kucipak ka hilirkeun ka girangkeun, jujukutan jarangkung bala disisi gawir nu lungkawing.
Luak–lieuk, rarat–reret, breh beulah tonggoh palebah mumunggang aya padataran bolenang, sisina tingjalugrug batu sagede–gede leuit, padataran iuh linduh ka payungan dangdaunan nu keur meujeuhna hejo ngemploh. Dina sela–sela batu diuk sila merenahkeun diri, ngarenghap panjang ngareureuhkeun jiwa, mupus sagala barobeda pikir anu matak ngaganggu kosentrasi. Luk tungkul panon dipeureumkeun pangrasa dihirupkeun, sagala kabisa diwatek diamalkeun, jumerit maratan langit, sukma kumalayang mumbul ka elak paul, neang pangharepan.
Jempling, diri ngaheneng ngaraga meneng diantara hiliwirna angin gunung nu nyecep tiis kana sungsum balung, renghap halon, jantung lir eureun endagna,  bibilasan. Teu kanyahoan ti dituna, ujug–ujug aya angin puyuh ngagelebug muter palebah eta padataran, leungit angin puyuh, janggelek hareupeun titingalian teh  aya wanoja dangdanan putri raja, jangkung lenjang dikabaya panjang nganggo sinjang rereng gading, nyampeurkeun ngadeukeutan.
“Kang gugah kang“.
Lir koneng katetesan apu, panon lalaunan dibeuntakeun, ari breh, luncat bakat ku kaget, panon bolotot sungut molohok ngembang kadu, luak lieuk bari garo teu ateul kawas jalma kurang saeundan.Nu tadina batu taringgul, nu tadina leuweung geledegan, robah jadi gedong sigrong, buruan lega pinuh kurupa–rupa kembang nu keur mangkak bareukah, seungitna ngahiliwir angin–anginan. Leuwih kaget deui dina teras gedong bet aya putri geulis camparenik, kulit hejo carulang, cangkeng lengkeh lir papanting, rarayna lir bulan purnama,  ah geulis lain pupulasan.
“Beu, iyeu kula aya dimana.” Hate pinuh ku pananya.
“Wilujeng sumping Kang.” Bet eta putri geulis teh ngabageakeun ku sora anu halimpu di barung imut ngagelenyu, socana seukeut nembus jantung nu ngadak–ngadak motah, teu puguh wirahma.
“Eu anjeun saha, jeung kuring aya dimana.” Najan ketug jantung tutunggulan maksakeun tumanya ka putri geulis nu nyantong hareupeun.
“Abdi anu katelah Diah Pramanik, akang nuju aya di karajaan Giri Manggala.” Nu geulis teh ngajawab daria dibarung ku imutna anu kareueut, sakapeung panonna mencrong kawas anu nyidik–nyidik kana tantungan diri.
“Diah Pramanik? Giri Manggala? Asa teu ngarti ieu teh, naha nyata atawa ngimpi kuring teh?” Hemeng, araneh, tadi teh aya dileuweung ganggong ano caraneom barala, naha ayeuna bet aya di tempat anu kacida endahna.
“Henteu ngimpen Kang, salira leres–leres aya di ieu tempat janten tamu agung kanggo sim abdi Kang, yu ka lebet Kang.” Ngajak ka jero gedong sigrong bari leungeuna nuyun leungeun asup ka jero wangunan anu agreng.
Blus kajero gedong, beuki kaget deui bae, jero gedong teh kawas istana, ubinna ditutup ku permadani warna hejo anu gambarna banget ku endah, mayakpak sakuliah rohangan anu ublug–ablag lega, dina lalangit lampu hias tina kristal raranggeuyan ting kolenyay harerang.
Ngarengkog rada asa–asa rek neruskeun lengkahteh, kakaraeun asup kanu kararieu asa kasima, ret ka hiji kamar anu pantona muka, ebreh dijero kamar, tempat sare make kulambu anu ditaretes hiasan kembang tina emas, kembang eros jeung malati ngampar dina kasur, seungitna mani melengseng neumbag irung.
“Teras lebet Kang, teu kedah isin pan salira teh tamu agung sim abdi, urang nepangan pun biang di lebet Kang.” Eta putri geulis teh ngabebenyeng ngajak ka jero gedong rek nepungan ibuna cenah.
“Aya saha Nyai? jiga aya tamu lalaki?”. Ujug–ujug aya anu nyampeurkeun awewe sakoloteun nyi putri, geulis deui bae awakna jangkung lenjang, pakulitan hejo carulang, dikabaya panjang sinjangna batik rereng koneng.
“Ieu tamu agung Bu, anu sumping ti alam manusa”.
“Sok atuh sina calik urang ngobrol, sakalian sadiakeun tuangeun sareng leueuteun”. Eta ibu nyiputri bet bageur–bageur teuing, padahal karek oge tepung.
“Ujang, ibu didieu hirup duaan, ibu rarandaan, ari anak ibu masih parawan keneh, kabeneran hidep datang kadieu”. Si ibu teh daria naker ngabageakeun ngajak ngobrol nyaritakeun dirina.
“Punten Bu, tadi teh kukupingan kadongkapan sim abdi teh nyebat kaleresan, kaleresan kumaha Bu?”. Mairan kana caritaan si Ibu bari hayang apal kana maksud caritaannana.
“Muhun kaleresan pisan, Ibu teh nuju milari pisalakieun jang anak ibu, katingalina hidep cocog jang pisalakieun anak ibu“.
“Pisalakieun nyi Putri ?”.
“Muhun Ujang, kumaha kitu teu bogoh ?, kurang geulis ta anak ibu teh ? “.
“Aduh sanes kitu ibu, tuang putra geulis camparenik, geulis taya bandingna,nanging pan abdi mah tos gaduh bojo”.
“Atuh teu sawios Ujang, asal hidep daek ngawin anak ibu, sagala kahayang hidep bakal dicumponan”.
“Anu leres Ibu ? “.
“Ih nyaan, hayang mobil sabaraha ?, hayang sawah sabaraha lega ?, hayang gedong sigrong jiga kumaha ?, ku ibu kabeh bakal ditedunan, asal”. Ibu Ratu teh panjang lebar ku carita pangbibita, padahal teu dibibita oge ningali rupa jeung tangtungan anakna anu sakitu geulisna bet asa pinanggih bagja anu taya hinggana.
“Asal kumaha ibu ?.
“Asal itu bae tuh, asal dipangnuarkeun tangkal waru anu aya di sisi gawir beulah ditu tuh”. Ibu Ratu teh nunjuk ka palebah lamping anu lungkawing, di luhurna aya tangkal anu ngan hiji–hijinatangkal waru.
Ret, ngareret kana panuduhna ibu Ratu, ngahuleng ngaraga meneng pikir mamprung mapay–mapay kahirupan lawas anu pinuh ku kawaas, ebreh ka asih indung nu iuh linduh ngageberan lelembutan nu hanaang. Clak cimata murag maseuhan pipi , reup peureum hate kumambang kumalayang, ras inget kana kanyeri kapeurih, ras deui kana hirup nu lieuk euweuh ragap teu aya, sora budak anu melas melis nahan lapar atra dina pangreungeu, deudeuh teuing.
“Kang, kunaon bet ngahuhuleng, teu bogoh ka abdi teh nya?”. Keur ngahuleng aya sora halimpu pipireun ceuli ..., awak anu geulis karasa haneut ngagilisir kana tonggong.., hate degdegan bulu punduk harudang asa muriang teu manasan.
“Enya kunaon Ujang, kawas anu ragu–ragu, pan cenah datang kadieu teh pedah teu tahan ku kasangsaraan, cenah hayang beunghar, lubak libuk ku harta banda anu ngaleuya.” Ibu Ratu mairan carita, kawas anu kabacaeun yen dina pangrasa diri pinuh ku kabingbang.
“Duh leres pisan, pangna jauh dijugjug anggang diteang, lunta katempat hara–haraeun, pedah hirup di dunnya teh pinuh ku kanyeri kapeurih, sangsara balangsak taya kaboga, tapi najan tujuan diri kalangsu, dina jiwa tetep nyangkaruk karumasaan, teu sanggup kudu nyieun lampah doraka”.
“Ujang, geus loba jalma anu ngadon tapa di ieu patempatan, pada hayang bisa ngawin anak ibu, pada hayang beunghar, tapi kabeh oge teu aya anu ka pake, ngan hidep anu pantes meunangkeun anak ibu”.
“Muhun kunaon atuh akang teh bet kawas anu nampik ka sim abdi, cenah saur akang abdi teh geulis, cenah ti saprak ningali oge akang teh ka bungbulengan, kari-kari ayeuna ditaros tineung bet kalah ngabalieur ?”. Nu geulis nyoroscos cumarita bari ngeundeuk–ngeundeuk peupeuteuyan, mun seug kurang kuat iman pasti leeh serah bongkokan.
“Duh Nyai Geulis, bogohmah kaliwat saking, ti saprak tepung asa kabungbulengan ku salira, tapi kacinta jeung kaasih akang ka anak jeung ka anu jadi indung, salangit luas, moal bisa disisilihan ku harta banda, moal bisa ditukeuran ku istri geulis, tong boro ukur rasa bogoh, dalah nyawa sorangan siap dipake tandon pikeun ngabela anak jeung ngabela indung bapa, hapunten Akang Nyai”. Kumpul deui pangacian, eling deui kana diri eling ka purwadaksi, hirup di dunya ukur ngumbara, keur naon nyieun lampah hirup anu mangprung kasarung, najan katalangsara ari kumpul jeung kulawarga bari tetep aya dina ka imananmah, kabagjaan pasti kasorang.
“Nya teu naon–naon atuh Ujang, ari hidep nyokot pilihan kitu mah, emang ibu oge terang anjeun lain jalma samanea, ngan hiji waktu mun anjeun aya karerepetmah geroan bae ngaran nyi putri anak ibu, pasti bakal datang mantuan anjeun“.
“Kang naha Akang bet kitu, padahal sanaos teu aya tumbal oge abdi kersa di kawin ku Akang”. Nyi Putri nyarita bari cumalimba awakna nangkeup kana tonggong , kawas anu ngolo sangkan daekeun ka manehna.
“Inni tawakalttu allallohi robbi wa robbikum, hampura Nyai“. Barang ngucap kitu, ujug–ujug bumi alam ngariyeg ginggeung, bakat ku reuwas luncat ka luar, tapi teu jauh sabab aya anu nangkod dina tonggong, jigana nyi Putri masih nangkeup keneh.
Eureun lini, bumi alam jadi poek meredong, lampu–lampu anu tadi caraang bet teu katingali deui, gedong sigrong leungit dina poekna peuting, sakuriling bungking balik asal jadi deui leuweung geledegan, ngan ungtungna bulan keur bijil cahayana, nyi Putri karasa keneh nangkod dina tonggong, di rampa ka tukang maksudna rek ngaleupaskeun rangkulan nyi Putri, bet anu ka rampa teh asa aneh, awakna jadi beuki leutik jeung anu tadina lemes bet jadi kasar asa sisitan, panasaran dileuk ana breh.
“Toooooobat, ampuuuuuuun, roaaaay, eh ooooraaaaaaaay,  tuluuuuuuuuuuung“. Teu nolih di kapoek, beretek lumpat sakalumpat lampet, tunggul dirarud catang di rumpak,  ti guling kana lamping ngalutuk nepi ka sisi walungan, teu dirasa najan aya anu nyeri terus bae mamprung lumpat nembus belegbegna peuting.
Ti kajauhan dedengean teh sada aya anu ngageroan, malah asa beuki deukeut, hiiiiiiiy baraid teuing.

2 komentar: